Selasa, 14 Juni 2011

Maulid Nabi


Assalaamu’alakum Wr.Wb

اَلْحَمْدُ للهِ الّذِ يْ اَنْعَمَ عَلَيْنَا بِاِ ظْهَا رِ سَيّدِ الْبَشَرِ اَشْهَدُ اَنْ لا اِلَهَ اٍلا اللهُ وَحْدَ هُ لا شَرِيْكَ لَه , وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُه , اَللّهُمَّ صَلِّ وَ سَلِّمْ عَلى سَيّْدِ نَا مُحَمَّدٍ وَ عَلى ا لِهِ وَ صَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ
Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji  sareng syukur ka dzat Allah SWT. Nu parantos maprin nikmat ka urang sadaya terutami nimat iman tur islam. Salajengna shalawat tur salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya nyatana kangjeng nabi Muhammad SAW.,ka kulawargana,shabatna,para panganutna tug dugi ka urang sadayana salaku umat anjena.
            Para hadirin sadayana, dina kasempetan iyeu urang sadaya sasarengan tiasa patepung lawung patepang wajah dina raraga mieling Maulid Nabi Muhamad SAW.
Ku kituna bulan iyeuteh disebutna bulan maulud nyaeta bulan dibabarkeunnana panutan urang sadaya kangjeng Nabi Muhammad SAW. Sahingga dian bulan iyeu umat islam diseluruh dunya mieling mieling dina poe dilahirkeunnana. Malahan disababaraha nagara mielingna sacara resmi melalui upacara kanagaraaan.
            Urang kudu ngaraos bingah sareng ngaraos senang ku dongkapna bulan mulud ieu, urang sadaya kangjeng Nabi Muhammad SAW. Margi diantarana ku ngarayakeun pangeling-ngeling iyeu tandaning urang sadaya syukuran, sykuran kana nu dipaparinkeun ku Allah SWT ka urang sadaya, nyaeta ku dikersakeunana urang jadi umat Nabi Muhamad SAW teh, eta hiji kanikmatan sarta ka untungan nu kalintang saena, sabab umat Nabi Muhammad SAW uamt nu  pang mulya-mulyana, sahingga Nabi Musa as. Nu tos gaduh pangkat Nabi sareng rasul oge kalayan kenging titel Ulul Azmi, saparantos ku Allah ditingalikeun kana ka mulyaan-kamulyaan umat Nabi Muhammad SAW, anjena kabita hoyong dilbetkeun kana golongan umat Kangjeng Nabi SAW., tapi kahoyong Nabi Musa eta teu dikabul ku ALLAH.
            Para bapak para ibu sareng saderek sadayana anu dimulyakeun ku ALLAH.
Nabi musa as nyuhunkeun ka Allah SWT. Sangkan dijantenkeun umat Nabi Muhammad kalawan kengin panolakan ti Allah, tapi urangmah kaleresan kalawan tanpa pamenta deui urang parantos janteun umat kangjeng Nabi Muhammad SAW. Atuh urangmah untung, mangka kumargi pantes ppisan, kalawan sawadina urang sadaya  kedah syukuran ka Allah, nyaeta diantarana ku jalan mieling kana dialhirkeunnana panutan urang sadaya kangjeng Nabi Muhamad Saw.
            Peryogi pisan urang terang kana kadudukan Nabi urang disisi Allah SWT., sareng kumaha Allah SWT. Parantos  ngamullyyakeun sarta ngagungkeun darajat Nabi Muhamad SAW. Ti alam arwah keneh ssateuacana aya mahluk Allah. Margi  upami teu uninga kana kapangkatan Nabi Mauhamad SAW,kamungkinan urang tiasa ngurangan kana hakna, nu akahirna urang tiasa jadi mmurtad. Sakumaha hadis Nabi nu diriwayatkeun ku Abdur rajak ti sahabat jabir, Jabir kantos naros ka Nabi SAW: “Ya Rasulallah, demi indung bapak abdi, cobi abdi pasihan terang sateuacana Allah ngadamel sagala  rupi, naon anu pang payuna didamel ku anjena..?? diwaler ku Rasulallah: “ He Jabir, saeunya-enyana allah SWT. Samemeh nyiptakeun sagala rupa,  nu pangheulana diciptakeun nyaeta “Nur” atawa cahaya Nabi anjeun tina Nur Allah.
Harita can aya Lauhul,Mahfudh,Kalam,surga,Naraka,Malaikat,Langit,Bulan,jin,Manusa jeng nu laina can araya.”
Para hadirin sadaya,saparantos Nabi Adam didamel ku Allah, Adam kungsi ningali aya cahaya moncorong,Nabi Adam kaget, Sahinggga Nabi Adam naros ka Allah: “Ya Allah pangeran abdi! Cahaya naon iyeuteh meuini moncorong-moncorong teuing?? Nabi adam kenging jawaban: “etateh cahaya hiji Nabi ti turunan anjeun ngarana dilangit Ahmad,mun di bumi Muhammad. Lamun hanteu karena  eta  cahaya maka kami moal nyiptakeun langit katut bumi.”
Kumargi kitu ayeunamah jelas yen Nabi Muhammad teh hiji mahluk anu pang dimulyakeunana ku Allah SWT. Ti alam arwah keneh.
Numutkeun sabagian ahli tafsir, ngariwayatkeun yen calon-calon para Nabi sareng Rasul anu bakal di utus ka alam dunya sadayana di tes heula ku Allah dialam arwahna keneh,nyaeta perihal kapercayaan sareng ka sanggupanana ngabela ka kangjeng Nabi Muhammad SAW. Sakumaha dina dauhan Allah SWT. Surat Ali Imron Ayat 81
“jeng inget nallika Allah ngucapkeun pasini janji jeng para Nabi: “upama daratang ka maraneh tina kitab jeung hikmah, ti dinya datang ka maraneh Rasulna anu ngabenerkeun kana saniskaranu nyampak dimaraneh,maraneh kudu bener-bener iman ka manehna jeng kudu dditulung bener-bener ku maraneh, Anjeuna mariksakeun.”naha maraneh ges ngaku jengt narima pasini kami? Jawabna abdi sadaya ngangkeun, Anjeuna Allah) nembalan deui: “pek saksian, jeng ari kami katut maraneh ti golongan anu nyakseni.”
Akhirna urang manjatkeun do’a ka Allah SWT. Mudah-mudahan urang sadayana ka  leubet kana golongan umat Nabi Muhammad,nu kersa ngagungkeun sarta kersa syukuran. Amin ya Rabbbal alamin.....
Mung sakitu ti simkuring,nu benerna ti Allah nu salahna eta karena kabodoan sing kuring wae,hapunteun tina  sagala  kalepatan.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb

0 komentar:

Posting Komentar